Rabu, 25 Januari 2012

Pidato Bahasa Sunda

Assalamu’alaikum Wr Wb
Hadirin anu ku simkuring dipihormat.,
Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang.
Kitu oge bari jeung digedeng ku kendang gede pakauman, dag-gig-dug rasaning ati, rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos tea mah etang-etang lauk buruk milu mijah. Boga catur ge nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeunana.
Nanging sanaos suwung ku pangaweruh suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar tema ieu biantara anu unina “Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Kana Basa Sunda”.

Hadirin nu dipihormat,
Saparantos sim kuring maluruh sababaraha sumber anu jadi rujukan. Sihoreng geuning, anu utama pikeun para nonoman atanapi generasi muda anu jadi seuweu siwi Pajajaran teh, taya sanes kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikeun ka jati kasilih ku junti – mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sorangan. Anu antukna cul dog-dog tinggal igel. Adean ku kuda beureum, ngarasa reueus ku banda meunang nginjeum.
Sanes hartosna nonoman sunda ulah malire kana budaya deungeun, nanging asa langkung payus saupami weruh kana budaya deungeun teh disarengan ku ngaraksa – ngariksa budayana sorangan. Utamana kana basa sunda anu jadi ciciren bangsa.
Naha basa sunda ciciren bangsa? Rupina basa teh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku salahsahiji suku bangsa. Kitu oge bakal disebut sekeseler sunda saupama disarengan ku aya basana.

Asa palangsiang, saupamana dina hiji waktu keur aya di nagara deungeun, heug aya nu naros, kawit ti mana, dijawn teh ti Indonesia”. Indonesiana di mana? Ana dijawab teh “Ti Jawa Barat”. Batur teh nanya deui: “Atuh pinter basa Sundana, tiasa abdi ngiring diajar? … Pisakumahaeun teuing erana saupama urang keur di mancanegara diperedih ku batur pikeun ngawanohkeun basa Sunda , … tapi urang teu bisa.
Ngawanohkeun Basa Sunda saleresna mah sanes kanggo para nonoman wungkul, tapi tos kedah diwanohkeun ti kawit balita. Upami di Jawa Barat nya ku Basa Sunda. Basa Sunda salaku basa indung bakal leuwih nyerep ka diri nooman lamun geus dibiasakeun diwanohkeun ti bubudak.
Hadirin anu ku simkuring dipihormat, eta mah sakadar cita-cita simkuring. Da ahirna mah diwangsulkeun deui ka nonoman nyalira.

Cindekna mah urang kedah peheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumule ngaraksa sareng ngariksa basa katut budaya Sunda.
Manawai bahan katampi, hapunten … sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanapi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun-sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Manawi bahan katampi, hapunten … sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanpi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Amit mungkur. Hapunten sakali deui, bilih aya basa anu kirang merenah sumarambah kana manah sareng matak nyelekit kana ati. Mugi agung cukup lumur jembar sihakasima.
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.
****

Pidato Bahasa Sunda Serah Terima Pengantin

Hadirin anu dimulyakeun, para tamu rombongan anu jajap panganten pameget anu dipihormat!
Alhamdulillah kalayan rahmat Allah anu Agung urang sadaya parantos tiasa riung mungpulung, anging takdir ti Ilahi, urang tiasa silaturahmi dina ieu wanci anu mustari, pangersa Allah anu maha Kawasa, tepang rasa, tepang basa, sareng kanca mitra sadaya.

Teu aya sanes anu janten cukang lantaran, ku tepungna tantung, pacangreudna deudeuh, patalina asih, tug dugika jatukramina laki rabi tuang putra Nyi Iteung ka pun anak Kabayan anu kalayan takdir Ilahi parantos waluya bagja rahayu anu dituju, tinekanan  diwalimahan dina dinten ieu Senin, 1 Juli 2010.
Hadirin anu mulya, para tamu rombongan panganten, utamina sepuh panganten pameget! Langkung ti payun seja sanduk-sanduk, mugia agung cukup lumur, jembar hapunten anu kasuhun rehing dina tata titi, duduga peryoga, tata cara kumaha kedahna nampi tamu, estu tumamu, tebih tina nyumponan kautamian, estuning walurat pisan. Hapunten sanes henteu ngutami, atanapi kirang hormat, namung nya sakieu kabuktosannana anu kadada kaduga. Ari karep mah hoyong nyugemakan, namung pakeun anu henteu tiasa dipinding-pinding, estu nya sakieu kabuktosanana.
Para hadirin anu mulya, rombongan panganten pameget, kalih sepuh panganten pameget sarimbit!
Jisim kuring kalayan asmana pun anak seja nyambung saur, ngadugikeun  gerentes ati anu kagungan maksad, nyatana sepuh panganten istri geusan nampi papasrahan ti pihak sepuh panganten pameget anu parantos ngadugikeun kalayan jentre merele, atra nyata, anu direka ku basa anu ngahudang rasa, estu kahartos pisan sartas saluyu sareng lelembutan, naon anu dipimaksad.

Kukituna dina ieu wanci anu mustari mugi disaksi sim kuring seja nampi, kalayan Nyebat asma Allah anu welas asih, ting silumanting, baeu anaking, ditampi ku asih wening trang silumejang, si ujang muga kenging kabagjaan, sadami renghapna, sakujur jasadna, getihna satetes, buukna salambar. Gumulung tangtung hirup huripna. Sumanding jirim raga badag jeung lembutna Seja disanggakeun ka anu kagungan sareng anu nyiptakeun Allah Robbul Alamin. Diraksa dijaring ku welas asihna Gusti Nu Maha Suci tur Maha Rohman Maha Rohim.  Muga pinareng panjang punjung kalayan ridho Anu Maha Agung, rumah tangga bagja waluya, di dunya tug dugi ka alam baqa, Amin Ya Robbal ‘alamin.
Dirina ditampi, maksadna ditarima, oge ruruba pangjajap, cacandakan anu sakitu seueurna, sareng nyugemakannana, ditampi ku asta kalih, tumamprak panangan muji syukur, tasyakur bini’mah, kana rizki welas asihna Gusti, anu kalayan karidoan galih pinuh ku kaiklasan manah parantos dipasihkeun/ dipasrahkeun ka pihak sepuh panganten istri.
Mudah-mudahan sing jadi barokah, jadi amal kasaean kanggo anu masrahkeunana, muga jadi kamangfaatan dunya aherat kanggo anu nampina. satemenna kakangen ati kalayan sareng kareueus ku parantos cunduk waktu sareng dipasrahkeun.
Anaking! anak bapa teu wasa ngagambarkeun ku basa, teu mahi kumaha  kedahna males budi ka nu janten sepuhna panganten pameget sareng rombogan, anu sami-sami jajap, anu parantos masihan ajen pinuji ka sim kuring sakulawarga, utamina ka pun anak. Sadaya kasaean seja disanggakeun ka Anu Maha Adil, maha Wijaksana, ka Allah Anu welas asih, mugia dijantenkeun amal kasaean. Amiin.

Rupina lisan panampian dicekapkeun sakieu, Atuh salajengna oge sakedik amanat anu mangrupikeun tali asih simpay kanyaah, mudah-mudahan sing jadi pamatri enggoning laki rabi, pangrumat rumah tangga, jadi obor dimana poek, jadi kamudi bahterana laki rabi.
Mugi diregepkeun ku Ujang Nyai Panganten jeler istri. Anaking! Poe ieu hidep narima amanat. Pek buktikeun tangungjawab hidep kana ieu amanat. Anu hakekatna amanat ti Gusti Allah. Pek geura tatan-tatan, tarik jangkah beber layar, ngajugjug kana pulo pangharepan hidep duaan.
Anaking! Coba lenyepan ieu amanat Luqmaul Hakim ka putrana. Wahai anaking! Kahirupan teh lir ibarat samudra, jerona satunjang jagat, legana parat ka langit. Pengeusina salaksa haq, saketi batil, hade goreng bagja cilaka pagaliwota, sorangeun piliheun hidep duaan. Anaking perhatikeun munggaran  lesotna jangkar, bral miang nyandang harepan. Kapalna wujuding taqwa, eusina wajaning iman, umbul-umbulna
Dinul Islam, padomananan nurut dawuh sunah Rasulullah SAW. Balabuhna lebah palataran katengtreman (tawakal alal Loh) Insya Allah kapal hidep baka kuat norobos lambak anu kuat di tengah-tengah sagara kahirupan.

Anaking, Prak geura lengkahkeun suku hidup duaan dina ngambah kahirupan anyar, kahirupan rumah tangga. Hiliwir angin kaasih, hulowatan kabagjaan mugia tinekaan bari ulah hilap ucapkeun.
Tutug anu dituju, tuntas anu diseja. Sakitu nya kedalna ieu rasa, anu kapaksa satiasa-tiasa diolah ku basa, anu tuna pangabisa, sih hapunten tangtos pakusut nyebut, pasolengkrah pasalia, caturna teu ka ukur ku ugeran, engangna teu di ungang engang, tata titina tebih ti utami, sih haksami anu dipamrih, mugia agung cukup lumur, jembar pangaputen tina sagala rupi kakiranganana.
***

Pidato Bahasa Sunda Hikmah Puasa Jeung Kasantunan

Assalamu’alaikum Wr.Wb.
Loba manfa’atna nu bias dibeunangkeun jeung sakabeh muslim ti ibadah puasa. Salah sahijina, jeung media ngalatih kasantunan jeung berimokrasi sapopoe jalema muslim nu hayang ngajaga kamurnian puasana wajib ngangembangkeun. Cara berinteraksi nu sopan. Baik jeung tutur kata, canda atawa tingkah laku bahkan jeung jalema nu ngangsarikeun, sakalipun anu sakabeh jalema anu keur puasa “ Sabda rosulullah SAW” anu aya nu mari atawa nyangserikeun, gewatlah abdi ngomong (ma’af) abdi keur puasa (HR. Bukhori jeung Muslim).

Kasantunan kawas kitu rek ngadampak gede jeung pribadi anu bersangkutan atawa jalema anu ti sakitarna abdi erek ngabuat jadi pribadi anu indah. Allah swt nurunkeu, dua kaindahan umumna jalema kaindahan fisik jeung kepribadian umumna jalema gampang kagoda ku kaindahan fisik, lamun kaindahan fisik leungit kesan anu tingkah laku jeung omonganana kasar, di deuleuh kasantunan jadi factor kunci ngawujudkwun pribadi nu indah.
Sasungguhna Allah swt ngabere (kautamaan) jeung kasantunan nu teu di berekeun jeung sifat-sifat nu lain (HR. Muslim)
Kadua kasantunan bisa ngabentuk sakitar kita, loba sahabat anu beunangkeun hidayah saenggeh, nyaksikeun pribadi Rasululloh SAW, nu santun, diantaranana : Tsumamah bin atsal RA jeung zaid bin sa’anah RA. Katilu kasantunan adalah pelindung hati ti noda jeung panyakit kalbu nu perlu di sadarkeun katika ngomong kasar jeung nyumpahkeun sabenerna kita teu keur ngarugikeun jalema lain. Tapi nganodakeun hati sorangan, ngotorkeun kanggo kekerasan serta ngajadi keras “ sasungguhna Allah swt maha santun ti sagala hal (HR. Al Bukhori).
Samoga puasa ieu bisa meletakeun etos kasantun ti sapopoe kita sahingga menjadi hamba-hamba nu di sukai Allah swt, sabab ti sabuah hadist di sebutkeun apabila Allah swt suka hambana, maneh erek ngaruniakeun kasantunan (HR. Muslim jeung Abu dawud)
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.
***

Pidato Bahasa Sunda Nyambut Dina Mieling Hari Kesaktian Pancasila

Assalamu’alaikum Wr.Wb.
Para saderek sadaya nu sabangsa jeung saperjuangan anu dimulaikeun.
Dina kasempetan ayeuna rupina urang sadaya bangsa Indonesia nuju mieling Kari Kesaktian Pancasila anu ngarupikeun falsafah nagar jeung pandangan hirup bangsa.
Naon pangna dina dinten ieu 1 Oktober dosebat hari Kesaktian Pancasila? Memang upama ku urang ditalungtik ti kawit dicetuskeunnana kadaulatan bangsa jeung nagara urang Republik Indonesia, seueur pangalaman sareng rupi-rupi halangan sarta ancaman anu tujuanana ngarongrong jeung kasatuan bangsa anu hakekatna ngarupikeun bagian tina Pancasila, maksud-maksud anu goring anu haying nyoba-nyoba ngarebut sareng ngaganti falsafah nagara pancasila ku komunisme tiasa digagalkeun.
Upama urang nalungtik tina lahirna Pancasila, pancasila ngarupakeun hasil rumusan nu parantos ngancik dina jiwa sareng budaya bangsa Indonesia, nu digali tina poko-poko pikiran nu suci jeung hate sanubari bangsa Indonesia.

Kumargi kitu layak tur pantes upama Pancasila ngarupikeun poko-poko pikiran, sumber tina sagala hukum, pandangan hirup bangsa. Sarta sabagi ideology sareng falsafah nagara, anu wajib ku urang dipiara, dijaga sarta dilestarikeun.
Urang sadaya masih emut kana peristiwa atawa kajadian taun-taun nu parantos kalangkung, tepatna dina tanggal 1 oktober 1965, parantos dilakukeun gerakan pembasmian secara operasional anu dipimpin ku Letjen Suharto salaku Komandan Operasional Pemulihan Kaamanan kalayan dibantu ku segenep kakuatan masyarakat anu mertahankeun kadaulatan nagara jeung Pnacasila, tina terror anu ngaku dirina Gerakan G 30 S/PKI.
Gerakan Operasional eta hasil kalawan sukses, sahingga kadaulatan nagara tiasa disalamatekeun sarta tetep ngadeg di atas Dasar Pancasila sabagi falsafah nagara.
Kumargi kitu anu salajengna dina tanggal 1 Oktober, diabadikeun sabagi Hari Kesaktian Pancasila.

Sangkan teu ka alaman deui kajadian anu pait eta, nu usahapikeun ngargragkeun kadaulatan nagara jeung falsafah Pancasila, mangka dina kasempetan ieu, urang sabage bangsa Indonesia mangga urang sami-sami usaha, nalaah jeung ngamalkeun sacara murni jeung konsekwen, Sepertos nu nuju digalkeun ku ayana panataran-panataran P4, kalayan rupa-rupa carana nu diayakeun ku pamarentah. Sabab upama jiwa Pancasila eta geus bener-bener nyerep dina pribadi urang, mangka ieu bakal ngarupakeun tameng anu tangguh pikeun ideology lain anu rek usahangamangruhan atawa ngarongrong diri urang pikeun nurutkeun pangaruhna.
Pancasila eta ku urang sadaya kudu diamalkeun, pon kitu deui ajak kulawarga urang sangkan bener-bener jadi kulawrga anu Pancasilais sajatai. Nya ieu pisan saestuna anu jadi puncak tina cita-cita proklamasi, anu bener-bener bakal ngawujud sakumaha anu cita-cita ku urang sadaya nyaeta “BALDATUN THAYYIBATUN WARABBUN GHAFUR”, ngawujud masyarakat adil jeung ma’mur berdasarkeun Pancasila kalayan kenging pangampura ti Allah swt.
Mudah-mudahan Allah SWT. Salamina ngalimpahkeun rahmat sareng karuniaNa, sareng mudah-mudahab ngaijabah kana saniskeun cita-cita sareng harepan bangsa Indonesia.
Amiin!

Wassalamu’alaikum Wr.Wb.
***

Pidato Bahasa Sunda Ngesian Kamerdekaan

Assalamu’alaikum Wr.Wb.
Kapayuneun Bapak Kepala Sekolah anu ku sim kuring di pihormat. Kapayeun para Bapak Ibu Guru anu sami ku sim kuring di pihormat. Oge teu hilap ka para rerencangan siswa-siswi SMUN 1 Sukabumi anu di mulyakeun ku Alloh.
Alhamdulillah dina danget ieu urang tiasa patepang lawung paamprok jonghok dina rarangka mi eling tepung umur kamerdikaan nagara urang anu ka 65.

Peryogi ka uninga, seueur pisan pengorbanan anu tos di pasrahkeun ku para pejuang urang kapungkur dina melaan kamerdekaan nagara anu ayeuna ku urang karandapan.
Ku kituna urang, salaku generasi muda penerus bangsa tos sakeudahna neraskeun perjuangan para pahlawan urang ku jalan diajar anu soson-soson pikeun nanjeurna kahirupan bangsa indonesia di zaman anu bakal datang.
Sajabina ti eta seueur keneh hal-hal anu tiasa ku urang dilakukeun dina rangka mengisi kemerdekaan ieu, kukituna ka rerencangan abdi sadaya, hayu urang sami-sami babarengan ngeusian kamerdekaan iyeu ku hal-hal anu mangfaat.
rupina mung sakitu anu tiasa kapihatur ti sim kuring, luhur saur bahe sora ulah kirang -kirang ngahapunteun wabillahi taufik wal hidayah.
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

*** 

Template by : kendhin x-template.blogspot.com